Biantara tentang perpisahan

Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan

pidato bahasa sunda tentang perpisahan, pidato bahasa sunda, biantara bahasa sunda, biantara sunda, pidato sundaBerikutnya adalah contoh pidato bahasa sunda dengan tema perpisahan. Perpisahan di sini lebih spesfik merujuk pada perpisahan sekolah. Misal kelas 6 SD atau kelas IX (SMP) dan kelas XII (SMA) yang akan segera lulus. Dalam bahasa sunda, acara perpisahan sekolah ini juga disebut dengan istilah ‘Paturay Tineung‘. Dan tentunya merupakan acara yang sangat berkesan dan meninggalkan kenangan bagi para siswa yang hendak lulus dan meninggalkan sekolah.
Di bawah ini adalah salah satu contoh biantara bahasa sunda dengan tema perpisahan sekolah SD kelas 6.

Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep (6).
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.
Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

Komentar